Sukabumi Update

25 Paribasa Sunda dan Artinya, Salah Satunya Marebutkeun Paisan Kosong

Ilustrasi. Marebutkeun Paisan Kosong | Contoh Paribasa Sunda dan Artinya (Sumber : Freepik/@pressfoto)

SUKABUMIUPDATE.com - Kalimat paribasa sunda termasuk salah satu bekal penting sebagai Urang Sunda Asli (USA), baik Anak Muda Sukabumi secara khusus maupun masyarakat tatar Sunda secara umum.

Marebutkeun paisan kosong adalah salah satu paribasa sunda yang kerap dikenal masyarakat.

Ya, paribasa sunda Marebutkeun paisan kosong bermakna marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawa mangpaatna. Artinya dalam bahasa Indonesia yaitu memperebutkan perkara yang tidak ada hasilnya atau tidak ada gunanya.

Baca Juga: Sejarah Kerajaan Sukapura, Raden Wirawangsa dan Wangsadikusuma: Pemberontakan Dipati Ukur

Selain itu, masih banyak Contoh paribasa sunda dengan maknanya masing-masing dan berikut beberapa diantaranya, seperti dikutip via sundapedia.com.

25 Contoh Paribasa Sunda dan Artinya dari Huruf M

  1. Maléngpéng pakél ku munding, ngajul bulan ku asiwung - Ngajalankeun (mikarep) hiji perkara anu taya pihasileunana.
  2. Mangpengkeun kuya ka leuwi - Nitah mulang ka lemburna atawa ka lemah caina. Artinya menyuruh pindah ke kampung halamannya.
  3. Mapatahan ngojay ka meri - mapatahan kanu bisa, artinya ngasih tahu ke ahlinya.
    Mapatahan monyet naek - mapatahan kanu bisa, nu nyaho atawa nu ahli. Artinya ngasih tahu ke ahlinya.
  4. Mapay ka puhu leungeun - Mamawa ka kolot atawa ka guru, turtaning kolot atawa guru mah teu nyaho naon naon jeung euweuh patalina saeutik eutik acan.
    Artinya masalah membawa-membawa ke orangtua atau guru padahal mereka tidak tahu urusannya.
  5. Marebutkeun paisan kosong - Marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawa mangpaatna.
    Artinya memperebutkan perkara yang tidak ada hasilnya atau tidak ada gunanya.
  6. Maut nyéré ka congona - Keur ngora senang, tapi ari ka kolotnakeun susah. Artinya ketika masih muda senang, sudah tua susah.
  7. Melengkung bekas nyalahan - Ari keur ngora kénéh bageur tapi kakolotnakeun jadi teu bageur.
    Artinya masih muda baik tapi sudah tua sebaliknya.
  8. Meuli teri meunang japuh - Kalawan teu disangka sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gede.
    Artinya mendapat keuntungan besar yang tidak disangka-sangka.
  9. Meungpeun carang ku ayakan - Api-api teu nyaho, nyaho yen batur teh salah atawa migawé anu dilarang ku Nagara, tapi teu kitu kieu kalahka api api teu nyaho.
    Artinya pura-pura tidak tahu.
  10. Meungpeung teugeu harianeun - Embung pisan tutulung ka batur nu keur susah atawa loba kabutuh.
    Artinya sama sekali tidak mau menolong orang lain yang lagi susah dan membutuhkan bantuan.
  11. Miceun batok meunang coét - Miceun nu goréng kulantaran hayang meunang anu alus, tapi tungtungna meunang nu goréng deui baé.
    Artinya membuang yang jelek dengan harapan dapat yang bagus, tapi hasilnya malah dapaet yang jelek lagi.
  12. Mindingan beungeut ku saweuy - Budi parangi marahmay ari haténa goréng. Budi alus keur mindingan haté nu goréng téa supaya ulah kaciri padahal batur arapaleun.
    Artinya perangai dan tutur katanya bagus untuk menutupi hati yang buruk padahal orang lain sudah tahu kelakuannya.
  13. Mipit teu amit ngala teu ménta - Nyokot boga batur.
    Artinya mengambil barang orang lain.
  14. Mipir pasir mapay jungkrang - Nyorang tempat anu hararese disorangna.
    Artinya menempuh jalur/tempat yang sudah dilalui.
  15. Miyuni hayam kabiri - Leutik burih babari sumerah éléh atawa lalaki nu babari sumerah ka awéwé.
    Artinya penakut mudah menyerah atau lelaki menyerah ke perempuan.
  16. Moal ceurik ménta eusi - Keun baé mawa wadah anu gedé ogé da lain hayang loba dibéréna.
    Artinya membawa wadah besar bukan ingin diberi banyak.
  17. Moal néangan jurig teu kadeuleu - Arék nyekel/newak jelema nu aya baé, moal neangan jelema nu euweuh.
    Artinya tidak akan mencari orang lain karena pelakunya sudah jelas.
  18. Mobok manggih gorowong - Meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang. Aya lantaran pikeun ngalaksanakeun kahayang anu henteu gampang pihasileun.
    Artinya ada jalan untuk melaksanakan keinginan.
  19. Monyét dibéré séséngkéd - Nu rék jahat rék dibéré parabot atau ahli diberi alatnya.
    Artinya orang jahat dimodalin, atau ahli sesuatu diberi alatnya.
    Monyét kapalingan jagong - Tukang maok kapalingan, tukang tipu katipu. Artinya penipu kena tipu.
  20. Mopo méméh nanggung - Horéam atawa teu sanggup saméméh prak.
    Artinya malas atau menyerah sebelum melangkah/berbuat.
  21. Mun teu ngakal moal ngakeul - Mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup.
    Artinya kalau tidak usaha tidak akan mendapat penghasilan.
  22. Mun teu ngarah moal ngarih - Lamun teu digawé niar kipayah tangtu moal beubeunangan.
    Artinya jika tidak berusaha tidak akan mendapat bekal untuk menyambung hidup.
  23. Mun teu ngoprék, moal nyapék - Lamun teu digawé niar kipayah tangtu moal beubeunangan.
    Artinya jika tidak berusaha tidak akan mendapat bekal penghasilan untuk menyambung hidup.
  24. Muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan - Mulang ka lemburna sabada mang taun taun aya di pangumbaraan.
    Artinya pulang kampung setelah bertahun-tahun di perantauan.
  25. Murag bulu bitis - Teu betah cicing di imah.
    Artinya tidak betah di rumah.

Baca Juga: Misteri Situs Gunung Padang Cianjur, Wisata Prasejarah di Jawa Barat

Sumber: Sundapedia.com

Editor : Nida Salma

Tags :
BERITA TERKAIT