Sukabumi Update

65 Paribasa Sunda dan Artinya, Contohnya "Adat Kakurung Ku Iga"

Ilustrasi. Karakter | Paribasa Sunda dan Artinya: Contohnya "Adat Kakurung Ku Iga" (Sumber : Freepik/@8photo)

SUKABUMIUPDATE.com - Adat kakurung ku iga adalah salah satu contoh paribasa sunda yang kerap dikenal masyarakat, yang bermakna adat anu hese dirobah. Ya, artinya dalam bahasa Indonesia adalah karakter yang sudah mendarah daging dan susah diubah.

Kalimat paribasa sunda termasuk salah satu bekal penting sebagai Urang Sunda Asli (USA), baik Anak Muda Sukabumi secara khusus maupun masyarakat tatar Sunda secara umum. Kata-kata dalam paribasa sunda biasanya lebih banyak atau lebih panjang jika dibandingkan dengan babasan.

Simak beberapa contoh paribasa sunda dengan maknanya masing-masing, seperti dikutip via sundapedia.com.

65 Contoh Paribasa Sunda dan Artinya

  1. Adat kakurung ku iga hartina nyaéta adat anu hese dirobah, artinya karakter yang sudah mendarah daging dan susah diubah.
  2. Adean ku kuda beureum nyaéta ngarasa ginding ku pakéan batur atawa gaya ku barang batur. Artinya merasa gaya dengan barang orang lain. Jadi yang dibanggakan itu bukan miliknya tapi titipan atau milik orang lain.
  3. Adigung adiguna nyaeta asa aing leuwih ti batur, artinya sombong atau merasa diri lebih unggul dari orang lain.
  4. Adu telu ampar tiga nyaéta dimusyawarahkan (berkenaan yang sedang memperparakan urusan di pengadilan atau sedang jual beli).
  5. Agul ku payung butut nyaeta agul ku turunan atawa ku barang anu teu sapira. Artinya artinya sombong oleh keturunan atau bangga dengan barang yang nilainya tidak seberapa.
  6. Aki-aku tujuh mulud nyaeta geus kolot pisan, artinya sudah berumur sangat tua.
  7. Aku-aku angga hartina ngaku-ngaku barang atawa pagawéan meunang batur. Artinya mengakui barang milik orang atau hasil pekerjaan orang lain.
  8. Along-along bagja nyaeta teu tulus meunang bagja. Artinya tidak jadi mendapat kebahagiaan.
  9. Ambek nyedek tanaga midek hartina napsu gede tapi tanaga euweuh. Artinya artinya emosi/keinginan gede tapi tak ada tenaga atau tidak mampu menyalurkan emosi/ keinginannya.
  10. Ambekna sakulit bawang hartina babarian pisan ambek, jeung mun geus ambek tara sakeudeung. Artinya artinya cepat marah dan marahnya lama.
  11. Anak hiji keur gumeulis nyaeta awéwé nu kakarék boga budak hiji, katempona sok beuki geulis waé. Artinya perempuan yang baru punya satu anak, terlihat makin cantik saja.
  12. Anak merak kukuncungan nyaeta sipat-sipat budak utamana sipat nu hadé éta téh nurun ti kolot. Artinya sipat anak terutama sipat baik itu menurun dari orang tuanya.
  13. Anu borok dirorojok nu titeuleum disimbeuhan hartina nyaeta mupuas kanu keur cilaka. Artinya menambah luka pada orang yang terluka, menyudutkan orang yang terkena masalah/musibah.
  14. Anu burung diangklungan, anu gelo didogdodan, anu edan dikendangan nyaeta anu gede wadul dihaminan supaya leuwih maceuh. Artinya pembohong didengerin agar tambah parah (bohongnya).
  15. Ari diarah supana, kudu dipiara catangna nyaeta naon wae nu mere hasil ka urang kudu diurus atawa dipiara bener-bener. Artinya apapun yang memberi hasil pada kita harus diurus baik-baik.
  16. Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed hartina geus kolot tapi kahayang jiga budak ngora. Artinya umur sudah tua tapi keinginan masih seperti anak muda.
  17. Asa aing uyah kidul hartina boga rasa pangbisana atawa pang punjulna. Artinya sombong, merasa paling bisa, merasa lebih dari yang lain.
  18. Asa bucat bisul hartina asa lesot tina urusan gede, beres pagawean, masalah atawa beban. Artinya lepas dari masalah, pekerjaan sulit atau beban.
  19. Asa dijual payu nyaeta nguyung pedah ngarasa sorangan di pangumbaraan jauh ti indung bapa. Artinya murung sebab sendirian di perantauan karena jauh dari orang tua.
  20. Asa dina pangimpian hartina teu percaya kana kaayaan nu karandapan. Artinya merasa tidak percaya dengan kejadian atau kenyataan yang dihadapi.
  21. Asa dipupuk birus hartina ngarasa tibra haté. Artinya merasa tentram dan bahagia.
  22. Asa ditonjok congcot nyaeta meunang kabungah anu teu diarep-arep. Artinya mendapat kebahagiaan sangat besar yang tidak disangka-sangka.
  23. Asa ditumbu umur nyaeta boga rasa kahutangan budi anu pohara gedéna. Artinya merasa sangat berhutang budi.
  24. Babon kapurba ku jago nyaeta awéwé kudu nurut ka salaki. Artinya istri harus nurut pada suami.
  25. Bali geusan ngajadi hartina lemah cai tempat kalahiran. Artinya kampung halaman tanah kelahiran.
  26. Balung kulit kotok meuting nyaeta teu eureun-eureun nyeri haté ti baheula nepi ka kiwari. Artinya tidak henti-hentinya sakit hati dari dulu sampai sekarang.
  27. Balungbang timur Caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan hartina rido, iklas, suka pisan. Artinya sangat ikhlas, ridho dan tidak ada kebencian sedikit pun.
  28. Banda sasampiran, nyawa gagaduhan nyaeta ulah boga angkeuhan yen banda jeung nyawa bisa diatur ku urang. Artinya jangan punya anggapan harta dan umur punya kita, semua hanya titipan.
  29. Banteng ngamuk gajah meta hartina kajadian atawa ririweuhan anu dipikasieun jeung dipikagigis. Artinya kejadian atau peristiwa yang menakutkan.
  30. Batan kapok kalah gawok hartina lain eureun tapi kalah beuki maceuh atawa kalah deudeuieun. Artinya bukan berhenti atau kapok malah mau lagi atau terus-terusan.
  31. Batok bulu eusi madu nyaeta tumiba lain kana pitempateunana. Artinya bukan pada tempatnya/ tidak pantas.
  32. Batok kohok piring semplék hartina parabotan nu euweuh hargana. Artinya perabotan yang tidak ada nilainya/harganya.
  33. Batur ngaler ieu ngidul nyaeta teu sarua jeung nu keur diomongkeun ku batur. Artinya tidak sesuai dengan topik pembicaraan orang lain atau OOT (out of topic).
  34. Bau-bau sinduk nyaeta baraya kénéh sanajan laér. Artinya masih saudara meskipun jauh (jauh hubugannya, bukan jauh jaraknya).
  35. Béak ka lebu-lebuna hartina ledis, harta benda teu nyesa saeutik-eutik acan. Artinya ludes, harta benda tidak tersisa sedikitpun.
  36. Bébék ngoyor di sagara, rék nginum néangan cai hartina lubak-libuk tapi henteu bisa kapaké lantaran lain hakna. Artinya banyak harta tapi tidak bisa dipakai sebab bukan hak miliknya.
  37. Beuheung teukteukeun suku genteng belokeun hartina sadaya-daya rek dikumaha oge pasrah. Artinya pasrah mau diapa-apain juga sebab merasa bersalah.
  38. Béja mah béja hartina béja ulah waka dipercaya. Artinya informasi yang belum dibuktikan sendiri jangan dulu dipercaya sebab belum jelas kebenarannya.
  39. Belang bayah gindi pikir hartina boga pikiran goreng ka papada kawula. Artinya punya pikiran jelek pada sesama manusia.
  40. Bengkung ngariung bongkok ngaronyok nyaeta babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka. Artinya bersama-sama dalam berbagai keadaan, baik bahagia atau tidak.
  41. Bentik curuk balas nunjuk, capétang balas miwarang nyaeta kabisana ngan nitah, teu daék prak sorangan. Artinya bisanya cuma nyuruh dirinya sendiri tidak mau bekerja.
  42. Beungeut nyanghareup ati mungkir hartina naon nu diucapkan henteu terus jeung haté. Artinya ucapannya tidak sesuai dengan hati, mukanya A hatinya B.
  43. Bihari ngalingling pasir, ayeuna ngalanglang pasar hartina jaman geus robah, jelema oge loba nu ganti pacabakan, atawa robah-robah tingkah lakuna. Artinya zaman sudah berubah, pekerjaan dan perilakunya sudah berubah.
  44. Bilatung ninggang dagé nyaeta bungah pisan. Artinya sangat senang, sangat gembira, sangat bahagia.
  45. Bilih aya turus bengkung nyaeta bisi salah pokpokanana. Artinya takutnya salah perkataannya.
  46. Bisi aya ti cai ti geusan mandi nyaeta bisi aya nu kasigeung atawa ka-toél mamaras rasana. Artinya takutnya ada yang tersinggung perasaan.
  47. Biwir nyiru rombéngeun nyaeta resep ngucah ngaceh rasiah atawa kaaeban/rusiah boh nu sorangan boh nu batur. Artinya suka menyebarkan rahasia/ aib sendiri atau orang lain.
  48. Biwir sambung lémék, suku sambung léngkah hartina henteu milu kana tanggung jawabna mah, ngan ieu mah saukur nepikeun duméh jadi utusan, ngemban timbalan tinu lian. Artinya tidak ikut bertanggung jawab cuma menyampaikan pesan sebab diutus.
  49. Bluk nyuuh blak nangkarak hartina kabina-bina rajina dina enggoning nyiar kipayah. Artinya sangat rajin mencari nafkah.
  50. Bobo sapanon carang sapakan hartina aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana. Artinya ada kecewa sebab ada kekurangan atau kerusakannya.
  51. Bodo kawas kebo nyaeta paribasa sunda anu hartina bodo kacida, yaitu sangat bodoh.
  52. Boga sawah saicak hartina boga sawah saeutik. Artinya punya sawah sedikit.
    Boga saku dua hartina waspada teu babari kabobodo. Artinya waspada tidak mudah dibodohi.
  53. Bonténg ngalawan kadu hartina nu leutik ngalawan nu gedé. Artinya yang kecil melawan yang besar.
  54. Borangan ku surak nyaeta éraan dina gempungan jalma réa. Artinya pemalu di depan umum.
  55. Bosongot badé amprotan hartina beungeutna pikagigiseun, pikagimireun, pasemon jagoan. Artinya mukanya menyeramkan, menakutkan, seperti wajah jawara.
  56. Bru di juru, bro di panto, ngalayah di tengah imah nyaeta jalma beunghar loba harta di mana-mana. Artinya kaya raya, hartanya di mana-mana.
  57. Buah ragrag moal jauh tina tangkalna nyaeta sipat anak moal jauh tina sipat kolotna. Artinya sama dengan peribahasa buah jatuh tidak jauh dari pohonnya, yaitu sifat anak tidak jauh dari sifat orangtuanya.
  58. Budak bau cikur hartina nyaeta budak keneh anu can nyaho nanaon. Artinya anak kecil yang belum tahu apa-apa.
  59. Budak keur meujeuhna bilatung dulang hartina budak keur meujeuhna daék barang dahar. Artinya anak yang sedang suka-sukanya makan.
  60. Budak kamari sore hartina budak leutik keneh can dewasa. Artinya anak kecil yang belum dewasa.
  61. Budak olo lého nyaeta budak anu can aya kanyaho. Artinya anak yang belum tahu apa-apa.
  62. Budak rodék hulu hartina budak can aya kanyaho. Artinya anak yang belum tahu apa-apa.
  63. Budi santri, légég lebé, ari lampah euwah-euwah hartina ari goloyoh kawas santri tapi sok ceceremed. Artinya gaya mirip santri tapi tingkah laku buruk.
  64. Buluan belut, jangjangan oray hartina pamohalan kajadian. Artinya tidak mungkin terjadi.
  65. Buncir leuit loba duit nyaeta beunghar sagala boga taya kakurang. Artinya kaya raya tidak kekurangan.

Sumber: sundapedia.com

Editor : Nida Salma

Tags :
BERITA TERKAIT