Sukabumi Update

4 Lagu Gasentra Pajampangan, Potret Sosial dan Eksotisme Sukabumi dalam Untaian Lirik

Eksotisme Sukabumi dalam untain lirik dari Gasentra Pajampangan | Foto : Ist

SUKABUMIUPDATE.com - Galura Seni Tradisi Pajampangan atau lebih dikenal dengan nama Gasentra Pajampangan adalah sebuah nama dari sanggar seni yang berada di Kecamatan Jampangkulon, Kabupaten Sukabumi.

Awal kelahirann Gasentra Pajampangan pada tahun 2012 dimulai dari kegiatan pembinaan seni di Madrasah Aliyah Negeri 3 Kabupaten Sukabumi serta pembuatan video-video kreator yang dilakukan secara konsisten.

Seiring berjalannya waktu Gasentra Pajampangan kini telah berkembang menjadi sebuah label yang memproduksi dan merilis album-album lagu karya sendiri, dan juga mengcover lagu dengan izin pencipta dan publisher.

"Alhamdulillah lagu offisial ciptaan karya gasentra sekitar 40 lagu, dan cover lagu sekitar 500 lagu." ungkap Pian Maulana Pimpinan Sanggar Seni Gasentra Pajampangan seperti dikutip fokuspriangan.id pada Minggu (07/08/2022).

Gasentra Pajampangan, memilih pop sunda dan dangdut dengan pertimbangan selera masyarakat yang tinggi pada kedua genre musik tersebut.

Mengulik sejumlah lagu yang diproduksi dan dirilis dalam akun youtube Gasentra Pajampangan, ada beberapa lagu diantaranya yang mengambil tema kesukabumian, lagu-lagu dengan memotret basis sosial dan keindahan alam Sukabumi. Berikut 4 daftar lagu beserta lirik yang berhasil sukabumiupdate.com rangkum:

1. Jampang Tandang

Lirik lagu

Jampang lembur tandang | Nu miboga pangawasan pakidulan
jampang lembur makmur | Nelah lembur nu kamashur pangwangunan

Jampang lembur urang | Nu mibanda kabudayan logat jampang
Jampang lembur subur | Tani hade ku tatanen pertanian

reff :

Nya didinya tempatna pariwisata | Wisatawan datangna ti mana-mana
Minajaya ujung genteng pangumbahan | Tempat eta nu jadi sasaran

Yu baraya urang jaga lembur urang | Kaendahan penghijauan pakarangan
Rahayat jauh tina papaseaan | Repeh rapih silih asih tur sa iman

Jampang lembur tandang | Nu miboga pangawasan pakidulan
jampang lembur makmur | Nelah lembur nu kamashur pangwangunan

Jampang lembur urang | Nu mibanda kabudayan logat jampang
Jampang lembur subur | Tani hade ku tatanen pertanian

2. Palabuhanratu

Lirik lagu

Basa panon poe ngampih | Ngahliwir angin leutik
Mepende urang duaan | Nu keur anteng sosonoan

Leungit Sore datang peuting | Asa endah-endah teuing
Sosonoan beuki anteng | Teu era ku intip bulan
Langit palabuhan ratu saksi jangji nu saestu | Langit palabuhan ratu jangji satia satuhu

Moal pada ingkar
Moal pada ngejat
Moal rek sulaya kana jangji

(Tuh saksina lautna) laut Palabuhan Ratu
(Ombakna) ombak Palabuhan Ratu
(Angina) Angin Palabuhan Ratu
(Langitna) Langit Palabuhan Ratu

Palabuhan Ratu Saksi jangji nu saestu
Palabuhan Ratu jangji satia satuhu

3. Karang Hawu

Lirik lagu

Itu ombak Karang Hawu | Anu teu weléh nyaksian
Nyaksian urang duaan | Silih ngedalkeun kasono
Bagja...

Itu bulan nu sapasi | Pameungkeut jangji pasini
Saati rék laki rabi | Nepi ka tungtung pati
Pasti ...

Sami-sami ngedalkeun rasa | Sami-sami ngedalkeun cinta
Moal beurat mangku duriat | Duriat urang duaan

REFF :

Itu ombak Karang Hawu | Tempat keur ngamparkeun rasa
Rasa nu ngancikna raga | Keur nyorang éndahna cinta

Itu ombak Karang Hawu | Lautan kembang katresnan
Kaagungan Nu Kawasa | Nu jadi kembangna cinta

Itu bulan nu sapasi
Pameungkeut jangji pasini
Saati rék laki rabi
Nepi ka tungtung pati
Pasti ...

Sami-sami ngedalkeun rasa | Sami-sami ngedalkeun cinta
Moal beurat mangku duriat | Duriat urang duaan

Itu ombak Karang Hawu | Tempat keur ngamparkeun rasa
Rasa nu ngancikna raga | Keur nyorang éndahna cinta
Itu ombak Karang Hawu | Lautan kembang katresnan
Kaagungan Nu Kawasa | Nu jadi kembangna cinta

4. Teluh Jampang

Lirik lagu

Song 1:

Nurus laku mapay mapay panca niti,mipir pasir nyorang jalan banyu rungsip Napak Dina lemah bumi Pajampangan,rek maluruh talatah Sanghyang sepuh

Song 2:

Mapay lacak ngemban laratan talatah,mipit kudu amit,Mun ngala ajrih ku menta,tong ngarumpak ngalarung tetekon agung,dipuhit dijaga ngariksa raga

Chorust :

Ulah medal sila makprak na amparan rasa,ngukur Kana kujur mun nyabda di unggang basa,lirih kudu ajrih Mun lisan arek nyarita, linuhung ku ajen maluruh TETEKON LUHUR

Reff :

Neteup balebat nyiruruk ti beulah kulon,mancawura Cahyana nutug ka Leuwi,nu nyaangan ngagurat di pajampangan nya didinya murak sajarah baheula

Teluh Jampang jadi ciri nu mandiri,poma ulah dirumpak ku salah arti ,salin rupa weruh lain kalapatinya TELUH ajen ku TETEKON LUHUR

Editor : Syamsul Hidayat

Tags :
BERITA TERKAIT